Carakan Adat Budaya Sunda Buwana

Carakan Adat Budaya Sunda Buwana

Share

CARAKAN ADAT BUDAYA SUNDA BUWANA, pikeun sing saha nu nyaah ka jatidirina

25/02/2024
22/03/2022

TILU RUSIAH PERKARA PATI

Aya tilu rusiah perkara pati.

① Rusiah WAKTU : Urang moal nyaho IRAHA ajal bakal mapag urang.

② RusiahTEMPAT : Urang moal nyaho DI MANA ajal bakal mapag urang.

③ Rusiah CARA : Urang moal nyaho KUMAHA carana ajal mapag urang.

ALLAH Subhanahu Wata'ala ngarusiahkeun supaya urang tatan-tatan salawasna.

Ajal mah pinasti ngajadi, kusabab kitu:

~ > ulah talangké kana ibadah!

~> ulah talangké kana tobat!

~> ulah talangké kana migawé kahadéan!

~> ulah nyapirakeun bahyana maksiat!

~> ulah nyapirakeun baraya nu micinta urang!

Pamuga di akhir hayat urang dparengkeun Husnul Khatimah.
Maot dina kaayaan suci tina Dosa..

Yaa ALLAH..
Wafatkeun abdi dina kaayaan husnul khatimah, amiin..

Padukuhan Pakujajar, 22.03.2022
Resi Ajarwangi
Paguron Luhur Pakujajar, Pasir Pari Ciwidey.

07/03/2022

GALUR CATUR TI PAKUJAJAR

“LEUNGITNA PAJAJARAN”

Biru langitna Pajajaran ngagenclang caang,
dihias ku béntang ti peuting, muka haté ku katingtriman,
muka haté ku rasa welas,
ku silih asih, silih asuh, silih asah,
ngandung wibawa, karta jeung raharja,
di siloka ku kujang raga kusumah,
suci diri, bersih haté, ucap, pikir jeung lampah.

Jayana Pajajaran lain saukur ku kajayaan,
lain saukur ku kawibawaaan,
tapi dibarengan ku jayana karidoan haté, kaikhlasan haté,
jeung kabersihan haté.
Sanajan Pajajaran runtuh, tapi haté nu nyicingan Pajajaran tetep rido, ikhlas, sabab sadayana geus kersaning hyang widi,
sabab éta anu bakal mawa Pajajaran salilana aya di puncak kajayaan,

Raga kusumah anu bersih,
anu pinuh ku welas asih,
anu disimpen dinu haté,
anu dibuka ku pikiran,
anu kaluar dinu ucapan,
anu dijieun ku lalampahan.

Bagja jaya Pajajaran ku kaéndahan,
anu ngarti kanu harti gemah ripah loh jinawi saenyana,
jeung disanjataan ku trisula, didadasaran ku agama,
diéndah-éndah ku pangabisa,
dibéré ciri ku pangarti nu jadi wibawa Pajajaran.

Ayana Pajajaran dilingkung ku gunung Tangkuban Parahu ti beulah kidul,
dilingkung ku curug ti beulah wétan,
diwatesan ku sagara ti belah kalér,
pamuka lawang karajaan ayana ti beulah kulon,
diwatesan ku walungan Citarum.

Pajajaran leungit teu mangrupa,
ngahiang euweuh tapak,
anging haté jeung pikiran anu bersih anu bisa ningali Pajajaran anu saéstu,
sabab leungitna Pajajaran disumputkeun ti jalma-jalma
anu ngudag kakawasaan,
anu ngudag tahta,
anu teu ngarti kanu arti sajatina pamingpin,
sabab pamingpin saéstuna ngan saukur jadi babu rahayat anu daék dititah-titah ku rahayat, lain sabalikna, rahayat anu ditutah-titah ku manéhna.

Padukuhan Pakujajar, 7 Maret 2022.
Resi Ajarwangi.

26/01/2022

NÉANGAN JALAN NU PASTI.
Sakabéh manusa nu gelar di alam dunya ngan saukur rék nguseup dina cai nu hérang sugan laukna beunang. Lamun bener beunangna, rék dipais tapi saméméhna dipais disamaraan heula, sarta diuyahan heula supaya ngeunah karasana.
Mun embung saukur béja, saukur cenah wayahna kudu daék néangananna di mana ngancikna éta jimat, hirup jeung naon éta mustikana hirup.
Jauh dijugjug, anggang ditéang nu deukeut diliwatan, ber ka ditu, ber ka dieu. Jarah ka kalér, jarah ka wétan, jarah ka kulon, jeung ka kidul meunang naon? Awak leuleus, sirah lieur, béak itu, ledis ieu. Hayang meunang tapi bébéakan, karunya teuing.
Tong siga batur, tong siga nu lian, tong kabawa angin, kajurung ku seuneu, tong nuturkeun teuing indung suku, tong samar ku nu katénjo bisi kasebut kénéh héjo tihang. Téangan mah jalan jeung lampah nu pasti.
Pamungkas, neda bagja ti sadaya, neda caang ti papada, neda hirup hurip sadami, sapadamian ngajadi, rukun ka nu umum, runtut raut jeung balaréa, leukeun néangan panungtun, péso raut bakal seukeut.
Alus ku niat, bisi goréng ku tékad, alus ku ucap, bisi goréng ku basa, manusa kudu silih hampura pikeun ngawangun nagara dina hakékat, waruga dirina supaya sampurna jeung lugina hirupna jeung dipikaasih ku sasama sarta ku papada jalma.
Damar sing ngajadi darma, darma ngahiji jeung damar, manusa teu daya teu upaya, anging masrahkeun sadaya daya ka jinisna, nu kagungan j***m jasmani pangandika, nu kagungan pangawasa.
Isuk jaganing pagéto, sing kapanggih jeung eusina, sing gedé haté , ulah pondok pangharepan. Titis tulis moal pahili. Néang bagja, teu manggih pahala. Pahili moal kapanggih. Pahala moal katarima.
Saukur bagja nu kabina bina, sawarga tanpa kira-kira.
Muji abdi, muji Gusti.
Abdi nu muji Gusti.
Gusti muji ka abdina.
Muja muji tunggaling pribadi.
.cag.

15/12/2021

Struktur pamarentahan di Jaman Pajajaran numutkeun Siksa Kanda Ng Karesian

14/12/2021

KUJANG KURING

Kujang Kuring Raga Kusumah anu ngandung harti raga téh awak, kusumah téh bersih jadi anging jalma anu beresih haténa anu tiasa mawa Pajajaran jaya, mawa Pajajaran raharja, bari ngarti kanu harti kabersihan haté, pikir ucap jeung lampah sadayana kudu saenyana. Sabab loba jalma anu ngaku beresih tapi lampahna jauh tina kaberesihan, haténa pinuh ku hawa nafsu dunya.

Ieu kujang wujudna mangrupa kembang anu lancip tungtungna sareng lancip deui ka jero. Kembang ngandung harti pamingpin kedah tiasa nyeungitan ka rahayatna tapi lain saukur pamingpin nyeungitan ka rahayatna tapi rahayat ogé kedah tiasa nyeungitan ka pamingpinna ngarojong pamaksudan pamingpin, kitu ogé lamun pamingpinna henteu kaluar tina kawajibanana salaku pamingpin. Lancip ujung jeung jerona ieu kujang ngandung harti pamingpin kedah lancip pikir jeung hatèna dina ngalakukeun lalampahan atawa tindakan, émut kana sabab sareng akibatna, sabab haté jeung pikiran anu beresih anu bakal nyieun jalma bener lalampahanana.

Ieu kujang ngandung harti haté pikir jeung ucap manusa, ngandung harti lahir hirup jeung maot manusa sabab saenyana manusa mah ngan saukur dilahirkeun, hirup ngalalampahan nyieun amal ibadah dina kahirupanana. Tapi dina kahirupanana saenyana Hyang Widi anu ngatur sadayana, manusa mah ngan saukur ngagunakeun akal jeung pikiran bari jeung usaha pikeun nojo kana pamaksadanana, ditungtungan ku maot.”

Ki Iwan Natapradja
Yayasan SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA.

Want your business to be the top-listed Government Service in Bandung?

Click here to claim your Sponsored Listing.

Location

Website

Address


Bandung