01/05/2026
Warisan Luhung, Guyub Akur di Desa Pasirlangu 🤝✨
Alhamdulillah, gotong royong mangrupikeun warisan luhung ti nini aki anu tetep nyantana dugi ka kiwari di Desa Pasirlangu, Kacamatan Pakenjeng. Ieu budaya teh moal luntur ku mangsa, moal tiasa diicalkeun kitu baé, sabab parantos janten jatidiri urang salaku urang lembur.
Katingal dina video, para pupuhu RT sareng sakumna warga sakitu sumangetna. Aya nu nyandak congkrang, pacul, karung, dugi ka sapu. Sadayana tumut lungsur ka jalan, babarengan meresihkeun lingkungan supados merenah katingalna.
Dina ahirna, rasa capé teh lunas ku sugema nalika urang tiasa ngoni bareng, ngaraoskeun kani'matan tina hasil kesang babarengan ningal jalan parantos lalening tur beresih.
Didasari syukur alhamdulillah dina danget ieu, pamugi janten kasaéan kanggo urang sadayana. Aamiin.